Wilujeung sumping sasih romadhon | Nadzom sunda

Sdílet
Vložit
  • čas přidán 21. 03. 2023
  • Terimakasih untuk selalu mendukung channel ini! Jangan lupa tinggalkan jejak ya.
    Semoga video nya bermanfaat, do'akan juga semoga Risma dan pembaca sehat-sehat dan di lancarkan urusan baik dunia maupun akhirat. Aamiin.
    Follow : @rismayunita07_
    From Channel : Arif Rahman El Fatih
    Marhaban yaa rpmadhon
    Marhaban ya syahro siyam
    Marhaban ya ramadhan
    Marhaban ya syahro siyam
    Wilujeung sumping romadhon
    Sasih pinuh kaberkahan
    Hayu urang diniatan
    Milarian karodhoan
    Sasih romadhon nu mulya
    Panto langit dibaruka
    Ditutup panto naraka
    Pintu barokah pahala
    Hayu urang paruasa
    Ulah males jeung kapaksa
    Karna taak kanu kawasa
    Mugi-mugi ngahapus dosa
    Rugi urang mun kaliwat
    Ibadahna teu sumanget
    Ripuh dunia tur maksiat
    Nalangsa dunia akherat
    Nahan lapar jeung dahaga
    Sanajan aya jeung boga
    Hawa nafsu kudu di jaga
    Mugi lebet ka syurga
    Hayu urang maca Qur’an
    Ngalap ridho jeung ganjaran
    Ulah sampe kaliwatan
    Sanajan bari nundutan
    Pangsae saena jalma
    Anu taat ka agama
    Kana takdir tumarima
    Ka jalma teu pernah toma’
    Hayu seueurkeun sedekah
    Sangkan harta jadi berkah
    Ulah nafsu jeung sarakah
    Engke hanjakal cilaka
    Hayu seueurkeun ngadoa
    Tos sholat langkung utama
    Muntangan kanu kawasa
    Dijauhkeun tina siksa
    Loba jalma nu cilaka
    Sabab ka kolot doraka
    Henteu sieun ka naraka
    Sangsara di alam baka
    Ka masjid hayu dongkapan
    Tempat pinuh kaberkahan
    Jangji Allah bakal masihan
    Rohmat sareng katenangan
    Sifat takabur jauhan
    Sabab eta sifat syetan
    Anu kudu di musuhan
    Ulah sampe di turutan
    Kudu sabar jeung tawakal
    Tumarima teu hanjakal
    Ibadah na ulah miwal
    Kaimanan bisi ical
    Omat ulah sok ngahina
    Nyeurikeun kana hate na
    Jalma taya nu sampurna
    Anging Allah sagalana
    Sholat weungina lakonan
    Sanajan bari nundutan
    Hoream kudu dilawan
    Ulah eleh ku si syetan
    Seueurkeun maca sholawat
    Supaya kengeng syafaat
    Hirup berkah pinuh ku rahmat
    Bagja dunia jeung akherat
    Hayu angkat ka pangaosan
    Ulama hayu caketan
    Supados elmu nambahan
    Bodo henteu katutuluyan
    Ieu nasehat lakonan
    Sanajan sakedik pisan
    Kangge beukeul kahirupan
    Ngalap ridhona Pangeran
    Sholatullah salamullah
    ‘alaa thoha Rosulillah
    Sholatullah salamullah
    ‘alaa yasin habibillah
    Tawassalna bibismillah
    Wabil hadi Rosulillah
    Wakulli mujahidilillah
    Biahlil badriya Allah
    #Pupujuansunda #nadhomsunda #syiiransantri #syairansunda #santrisalafy #siksa #sholat #adzab #qur'an #maot #ajal #ngaji #maot #ajalgeusdatang #dunia
  • Hudba

Komentáře • 23