Wayang Golek GH3P Gatotkaca Gugur (Video Live, 2011) - Yogaswara Sunandar Sunarya

Sdílet
Vložit
  • čas přidán 5. 09. 2024
  • Tema : Upaya Pelestarian Kesenian Wayang Golek Melalui Media Sosial.
    Pagelaran wayang golék ti rombongan Putra Giriharja 3 (ayeuna mah janten Giriharja 3 Putra) pingpinan ki dalang anom Yogaswara Sunandar Sunarya ieu mangrupakeun rékaman vidéo panggung waktu ngagejrak di Desa Mekarwangi Kecamatan Sindangkerta Kabupaten Bandung Barat, tanggal 28 Juli 2011. Mung pami ningal spanduk dina jajantur masih nganggé nami Putra Giriharja 3, padahal nami Putra Giriharja 3 mah ayeuna dicangking ku rakana Yogaswara nyaéta Dadan Sunandar Sunarya.
    Ditingali para nayagana, aya sabagéan nayaga Giriharja 3 sapertos juru kendang Mang Bérlin sareng juru tempas Mang Asép Ana. Malah pami ngabandungan boh karatagan, murwa dalang, atawa iringan gamelan persis sami sareng pagelaran Giriharja 3. Rupina harita mah teu acan gaduh ciri has gamelan Giriharja 3 Putra.
    Dina pagelaran ieu, ki dalang anom Yogaswara nyandak carios serial Baratayuda nyaéta Gatotkaca Gugur atanapi Jaya Perbangsa. Perkawis eusi carita tangtosna para penggemar wayang golék parantos aruninga. Kukituna mangga waé bandungan dugi ka réngsé. Cag!

Komentáře • 12

  • @yulindabelya
    @yulindabelya Před 8 měsíci

    Malmingan manco🤗🤗👍👍

  • @lindaimoet1797
    @lindaimoet1797 Před 8 měsíci

    Mantap

  • @dedezulfan9762
    @dedezulfan9762 Před 8 měsíci

    Dalang Oga masih anom. Teng manuk teng anakn merak kukuncungan.

  • @rizkidimasprasetyo674
    @rizkidimasprasetyo674 Před 4 měsíci

    Ieu mah kan anu di kuningan pa

  • @user-mh7bz2si5p
    @user-mh7bz2si5p Před 8 měsíci

    Gamelan Giriharja 3 we ieu mah. 😀

  • @user-ms4hz1gw1u
    @user-ms4hz1gw1u Před 8 měsíci

    Ari rakana, dalang Dadan naon ngaran rombongan wayang golekna taun 2011? Aya mu uninga?

    • @aseprizalmuhamadrizqi8257
      @aseprizalmuhamadrizqi8257 Před 8 měsíci

      Putra giriharja 3

    • @user-ms4hz1gw1u
      @user-ms4hz1gw1u Před 8 měsíci

      ​@@aseprizalmuhamadrizqi8257pan putra giriharja 3 mah masih ku yogaswara, tinggal we dina spandukna.

    • @hermawantv23
      @hermawantv23 Před 8 měsíci

      ​@@user-ms4hz1gw1u
      iye yogaswara nembean magelaran wengi kang. tacan gaduh grup. masih make nu lancek na a dadan sami pgh3 oge trus pas dina taun 2011 oge ngadamel grup ya eta gh3p. namung eta oge gamelan sareng nayaga oge make nu pun bp abah asep. saterasna abah asep ngantun 2014 nayaga na ngiring sadaya ka a yoga. nya sebagian aya nu ka a dadan🙏

    • @Satyaa02
      @Satyaa02 Před 7 měsíci

      ​@@hermawantv23pami wayang golek na tilas alm abah kanu rombongan a yogas nya? Nh model prajurit,satria,panggawa,raja raja nu sanes na Soalna Sami bebentukan wajah na modern dugi ka ayeuna a yoga manggung th. Apan nu wayang golek a Dadan mah nu nyalira ngan buta buta na Aya sapalih nu tilas alm abah asep nya?

    • @hermawantv23
      @hermawantv23 Před 7 měsíci

      @@Satyaa02 ari menurut abdi mah si wayang tilas abah mah ayena tos te di angge dei. malah mah kang yoga oge wayang na anyar sadaya nah pami model mh bisa jadi eta nyamikeun sareng model tilas wayang na abah 🙏