Kata-Kata Sungkem Perpisahan Bikin Merinding

Sdílet
Vložit
  • čas přidán 14. 07. 2021
  • Siapa tahu ada yang memerlukan kata-kata sungkem untuk perpisahan atau lainnya,Video saya yang berjudul Kata-Kata Sungkem Perpisahan Bikin Merinding ini bisa jadi referensi buat anda.
    Selamat menyaksikan dan dengarkan dengan seksama niscaya akan ada perasaan merinding,sedih mengingat masa lalu anda.
    Di bawah ini adalah katak-katanya :
    SUNGKEM
    Bapa kalih ibu guru dinten ieu abdi sungkem
    Dinten ieu abdi mundut karidhoan,
    Karidhoan ti bapa kalih ibu guru,
    Ayeuna waktu abdi mungkur,mangkat ti ieu sakola.
    Teu karaos genep taun lamina, abdi di ajar ku bapa kalih ibu guru,
    Dinten ieu abdi pamit,pastina hate nyungkelit,sedih teu aya hinggana,
    Bakal ngantunkeun ramena ieu sakola..
    Bapa kalih ibu guru,
    Hapunten abdi bilih seueur kalepatan,
    Ngabeubeurat…,nyieun adat..,ngeuheulkeun bapa kali ibu,
    Ukur nuhun nu tiasa ku abdi di sanggakeun,
    Karidhoan ti bapa kalih ibu, banget ku abdi di harepkeun.
    PANGJAJAP
    Anaking……,
    Bapa sareng ibu ukur bisa ceurik,ukur bisa narimakeun kadar ti pangeran,
    Dimana papanggih pastina aya papisah.
    Genep taun aranjeun didieu sasarengan,
    Teu karasa waktuna anjeun indit,
    Dina hate asa aya nu nyeltit,asa aya nu nyungkelit,
    Kalengitan nu di didik ti leuleutik,di ajar ti bubudak,
    Bapa kalih ibu pasti nineung,sono ka aranjeun,
    Hampura bapa….hampura ibu,
    Teu bisa mere elmu nu weruh,
    Ukur sa aya-aya, ukur sa bisa-bisa,
    Juuung…ku bapa di jurung,braaal ku bapa di jajap..
    Raih cita-cita aranjeun,sing jaradi jalma bagja anu manfaat pikeun bararea..
    Aammiin..ya robbal ‘alamiin…
    #KataKataSungkemPerpisahan
    #BikinMerinding

Komentáře • 2